widgets
Anyeong, Welcome My Blog ^_^

Kamis, 21 Maret 2013

NASKAH DRAMA BAHASA SUNDA

Teror Kelas IXG



Suatu hari aya 6 sahabat anu akrab pisan maranehna bersahabat geus 3 tahun lilana, sampe akhirna aya nu ngajalankeun “hubungan special” nyaeta Dimas jeung Dhea.
Tapi keur 1 tahun nu lalu maraneh keur jalan-jalan teu sengaja maranehna nabrak saorang awe-awe keur ngaliwat, awe-awe nu di tabrak tadi maot di tempat kajadian. Awe-awe nu di tabrak tadi nyaeta sahabatna Dian jeung Mutiara.

1 TAHUN KAMUDIAN

Pagi eta di sakolaan Barudak kelas IXG keur ngaromongkeun aya babaturan sakelasna nu maot dibunuh sacara tragis, Dimas, Aldi, Ananda, Dhea, Jeung Ayu di kelas keur ngarobrolkeun pambunuhan eta. Ujug-ujug Rifqi datang ti luar miluan nimbrung.

Rifqi : saha sih anu di bunuh ? bere nyaho urang atuh ?
Ananda : maneh datang-datang geus ngarusuh !
Kabehan nyorakan : huuuu …..
Dimas : geus atuh !
Rifqi : saha sih ? kepo yeuh ?
Aldi : ihh .. hayang nyaho wae maneh !
Ayu : bere nyaho teu nya ?
Ananda : mau banget yah dikasih tau ?
Rifqi : heeh .. buru dih bere nyaho saencan urang nitah pambunuh eta ngabunuh maneh !
Dhea : emang maneh wani kitu ?
Rifqi : TEU
Kabehan nyorakan deui : huuu …..

Teu lila bu guru datang ka kelas, barudak kelas IXG diuk meuni rapih ditempatna masing-masing

Bu guru : assalamualaikum
Kabehan : walaikumsalam

Barudak kelas IXG diajar saperti biasana, teulila bel istirahat kasada bu guru kaluar ti kelas IXG

Ayu & Ananda : yes .. istirahat
Rifqi : woyy !!! arek jajan moal ?
Aldi : hayu
Dimas : ka kantin yuk ?
Rifqi : hayu tapi saha nu mayaran ?
Ananda : maneh mah hayangna di bayaran wae ?
Dimas : hayu jajan yuk, tenang weh urang nu mayaran !
Kabehan : HAYU !!

Jelema nu 6 pan eta mangkat ka kantin.
  Di kelas ngan aya si Dian jeung si Mutiara, keur ngarencanakeun saha deui nu kena targetna.

Mutiara : saha deui yeuh target selanjutna ?
Dian : hmmm … kumaha lamun si Ayu ?
Mutiara : kunaon kudu si Ayu, kan manehna teu salah ? kumaha lamun si Rifqi heula nu urang serang, lantaran manehna arek ngabongkar kajahatan urang ?
Dian : urang boga rencana alus dari pada rencana maneh
Mutiara : oke sip ! tinggal tunggu tanggal maenna. Ehh … urang kudu mulai timana heula ?
Dian : tunggu perintah ti urang (senyum licik)

Samentara di kantin Dimas jeung babaturannana keur ngarobrolkeun tentang “Pembunuhan” nu terjadi kana babaturannana

DI KANTIN SAKOLA

Ananda : sahanya nu tega pisan ngabunuh babaturan sakelas urang ?
Dhea : teuing atuh !
Rifqi : ahh … geus atuh! Tong ngomongkeun eta wae! Ayeuna kan aya di kantin mendingan urang makan ! bener teu Dimas ? (nepak pundak dimas)
Aldi : Sia mah barangdahar wae ! (ngajepat)
Kabehan seuseurian
Ayu : aya-aya wae maneh ! (ngajorongkeun si Rifqi)
Rifqi : tapi omongan urang aya benerna kan ? maraneh laparkan ?
Aldi : hmmm …. Heeh ! (ngomong dihareupeun muka si Rifqi)
Rifqi : yeuhh … sia teh bau nyaho ! (manyun)
Dimas : geus ah .. mendingan urang pesen makanannana !
Rifqi : tapi ? saha nu mayarna ? maneh kan ?
Ananda : sia mah kahayangna di bayaran ! (jitak kepala Rifqi)
Rifqi : yeuh .. masalahna urang teh keur teu boga duit ! you know duit ?
Ayu : what is the meaning dengan “TEU BOGA DUIT” ?
Rifqi : “TEU BOGA DUIT” is the kagak punya “UANG”! ngartos ? nanya deui ? what is the meaning dengan “NGARTOS” ?
Kabehan seuseurian
Ayu : huu… “PLAGIAT” !
Rifqi : kembeh “PLAGIAT” bener teu sayangku manisku Ananda ?
Ananda : ihh … maneh piseubeleun pisan sih ! (nendang si Rifqi)
Rifqi : biasa weh atuh ! ihh … pura- pura tong ngambek atuh maneh, kan ceritana keur Drama ! ihh … ( nada manja)
Kabehan seserian
Aldi : yeuh .. maraneh moal mesen makanan ? engke kaburu bel asup siah !
Ayu : hayu atuh .. mesenna !
Dimas : hayu atuh geura mararesen, kenbae urang engke nu mayarna. Itung-itung pajak jadian keur maraneh !
Ayu : tapi kan maneh geus lila jadianna ?
Aldi : yeuh .. maneh teh tong ngomong wae, mumpung manehna bageur arek mayaran! Urang mah bodo teuing maneh geus jadian lila atawa karak yang penting beuteung urang seubeuh heula ! bener teu Cleng ? ( tos jeung si Rifqi)
Rifqi : yeuh .. maneh teh tong ngomong “CLENG “ atuh ? ngerakeun pisan !
Aldi : kenbae, ieu kan  ceritana keur Drama ! ihh … ( nada manja) (sabari mukul ka si Rifqi)
Kabehan jadi seserian deui
Teu lila pelayan kantin datang merekeun pesenan Dimas jeung kawan-kawan
Dimas : hayu buru urang makan heula, engke kaburu bel asup !

Kabehan makan bebarengan nu di traktir ku Dimas, Teu lila bel asup kasada, barudak kelas IXG arasup ka kelas

Rifqi : wareug euy! (sabari nyekel beuteung)
Dimas : nya heueuh atuh saha heula nu neraktirna ? Dimas tea atuh !
Aldi : hatur nuhunnya Dea (nyekel pundak Dea)
Ananda : lah, kan nu neraktirna si Dimas kunaon ngomong haturnuhunna ka si Dea ?
Aldi : kan perwakilan, bener teu Dea ? (masih keneh nyekel pundak Dea)
Dhea : (senyum teu ikhlas)
Dimas : nanaonan sih maneh! Nyekel-nyekel kabogoh urang ? (sabari ngalepaskeun leungeun si Aldi)
Aldi : ciyus teu ?
Dimas : ciyusan ih! (nada manja)
Rifqi : jiahh … eta si Dimas maneh teh lalaki atawa awe-awe sih ? jadi meragukan ?
Kabehan seuseurian

Teu lila Ayu di panggil ka ruang guru, pas di perjalanan Ayu ngarasa aya nu nuturkeun ti tukang

Ayu : siga aya nu nuturkeun (ngentikeun langkahna)

 Teu lila Ayu nengok ka tukang
Ayu : geuningan euweuh sasaha (garuk-garuk kepala sambil neruskeun jalanna)
Ayu : duh, sahanya ? (nengok katukang)
Ayu : aaaaa…… !!!!!!! (teriak)

Ayu dibekep ku jelema teu di kenal, maranehanana mawa si Ayu ka Gudang Sakolaan

DI GUDANG

Ayu : urang aya dimana ? tolong … ! tolong … !
Mutiara : gandeng maneh !
Ayu : saha sih maneh ? arek naonkeun urang sih ?
Dian : cicing ! tong loba bacot sia !
Ayu : saha sih maneh ? amun wani tempokeun bengeut maneh !

Jubah mutiara jeung Dian di buka

Ayu : hah ? maneh ?
Mutiara : cicing maneh, tong gandenglah !
Dian : rek naon rewas maneh kudu rewas, kan maneh geus nyaho kabusukan urang !
Ayu : tapi ? emangna urang salah naon ka maraneh ?
Mutiara : salah ? lantaran maneh arek ngabongkar ka si Dimas tentang pembunuhan ieu !
Ayu : tapi … tapi …
Dian : tong loba bacot sia ! (langsung ngaluarkeun pensil runcing)

Ayu langsung mati saketika, di luar GUDANG si Rifqi teu sangaja ningali kajadian eta. Tadina si Rifqi arek lumpat kakelas arek ngabejakeun ka si Dimas tapi manehna kaburu katangkep ku si Mutiara jeung si Dian.

Rifqi : hah, jadi salama ieu maranehna nu ngabunuh. Urang kudu mere nyaho ka si Dimas (ngmong dina jero hate)(sabari lemapang lalaunan tapi sukuna si Rifqi teu nendang korsi)
Rifqi : duhh … (nunduk)
Dian : saha eta ? (teriak)

Rifqi lumpat

Mutiara : SIALAN !!! udag !!! (sabari nunjuk ka si Rifqi)

Mutiara jeung Dian ngudag si Rifqi, tapi akhirna si Rifqi katangkep oge.

Dian : arek kamana maneh ?
Mutiara : wani-wanian maneh mata-matakeun urang (nempeleng kepala si Rifqi)
Rifqi : ampun … ! urang teu sengaja ningali maneh duaan ! ampun … ! pliss tong bunuh urang !
Dian : gandeng lah sia tong loba bacot ! (langsung ngaluarkeun pinsil runcing)
Rifqi : aaaa …… !!!!!! (teriak)

Rifqi jeung Ayu paeh secara tragis, mutiara pura-pura ningali Ayu jeung Rifqi di bunuh manehna buru-buru lumpat ka kelas arek mere nyaho si Dimas.
Dikelas Dimas, Dhea, Ananda, Aldi keur ngarobrol, tiba-tiba Mutiara datang mawa kabar buruk.

Mutiara : Dimmmaaasssss …………… !!!!!!!!!!!! e … e…. ee…. Eta s… ss…. Sii (nada gugup)
Ananda : ayanaon sih ? lamun ngomong teh sing bener da !!
Dimas : kembeh manehna titah ngomong heula.
Mutiara : eta si Ayu jeung si Rifqi (nada gugup)
Dhea : kunaon Mut ?
Ananda : ayanaon sih Tia Mut Mut ?
Aldi : heeh yeuh … ngomong the sing jelas da, tong sapotong-sapotong geura dut !
Mutiara : yeuh maneh teh tong ngomong “NDAT NDUT “ wae ! keula urang narik napas heula.
Dimas : buru dih maneh teh  arek ngomong naon ?
Mutiara : yeuh … itu si Ayu jeung si Rifqi “MAOT” !
Kabehan : HAH ! MAOT ?
Mutiara : heeh seriusan deh (ngacungkeun 2 jari / pis)
Kabehan : ciyuss ? miaaaaapaaaa ??
Mutiara : ciyus gak oong, ini enelan loh !
Dimas : dimana maneh ningalina ?
Mutiara : di deket GUDANG
Aldi : hayu atuh urang tempo, ehh .. maksud urang tingali !

Dimas, Dhea, Ananda, Aldi jeung barudak kelas IXG lalumpat ka Gudang Sakolaan, tinggal Mutiara di kelas. Dian datang nyamperkeun Mutiara

Dian : alus !
Mutiara : saha heula atuh !

Barudak kelas IXG lalumpatan ka gudang, sasampena di gudang  geus loba barudak nu ngariungan.

DIGUDANG

Ananda & Dhea : Ayu …… (nangis)
Aldi : KONCLENG ! ehh …maksud urang RIFQI ….. (nangis)
Dimas : Rifqi, Ayu …. !! ulah ninggalkeun urang kabehan ! (nangis)

Dimas, Aldi, Dhea, jeung Ananda ngagotong mayat Ayu jeung Rifqi, akhirna mayat Ayu jeung Rifqi di bawa ka imahna masing-masing

Sorena Ananda jeung Aldi keur ngerjakeun tugas di bumina Dhea.

Aldi : kira-kira sahanya nu tega ngabunuh si Rifqi jeung si Ayu ?
Ananda : teu nyaho atuh, tega pisannya
Dhea : lamun kanyahoan saha nu ngabunuhna, tingalikeun weh ku urang !
Ananda : Ciyus teu ?
Dhea : ciyusan nda …
Aldi : (ningali jam) duh … geus sore pisan yeuh, mendingan urang balik yu nda !
Ananda : hayu atuh !
Aldi : nya hayu atuh, Dhea urang balik heula nya
Ananda & Aldi : assalamualaikum

Ananda jeung Aldi balik kaimahna, tapi keur di perjalanan maranehna di jegat ku 2 urang nu heunteu di kenal.

Mutiara : hayu buru, milu jeung urang (narik leungeun si Aldi)
Dian : hayu buru, milu jeung urang (narik leungeun si Ananda)
Ananda : mbung ahh …
Aldi : arek naon sih maneh teh ? (ngabentak)
Dian : seret mut !

Ahirna Ananda jeung Aldi di seret ka tempat nu sepi

Aldi : saha sih maraneh ? lamun wani tembongkeun beungeut sia ! (ngabentak)

(jubah 2 urang eta di buka)

Ananda & Aldi : hah maneh !
Mutiara : tong kudu reuwas …

Ti tukang Dian ngaluarkeun pinsil runcing, sabari ngabunuh si Aldi

Ananda : ALDDIIII !!!!!!!! (teriak)
(ti tukang Mutiara ngabunuh si Ananda)

Nasib Ananda jeun Aldi sarua tragisna siga si Ayu jeung si Rifqi, tinggal si Dhea jeung si Dimas nu jadi inceranana.

Peutingna Dhea jeung Dimas keur ngobrol di Taman

PEUTINGNA DITAMAN

Dhea : arek naon sih peuting kieu diajak katemuan di tempat kos kieu ?
Dimas : tenang weh moal di nanaonkeun ieu atuh !
Dhea : arek naon sih ?
Dimas : ieu keur maneh (merekeun bunga) sebagai tanda cinta urang ka maneh
Dhea : hatur nuhunnya, Dimas (senyum)
Dimas : sami-sami Dhea. Ehh .. Dhea urang meuli minum heulana
Dhea : tong lami-laminya.

Dimas pun ninggalkeun Dhea keur meuli minuman, tiba-tiba Dhea di kagetkeun ku2 jelema

Dhea : duhh …  Dimas kamananya, lila pisan sih ?
Dian : hey ! (nepuk punggung ti tukang)
Dhea : masyalloh, sugan teh saha ? ngarerewas wae maneh duaan !

Tarnyata jelema nu duaan tadi Dian jeung Mutiara

Mutiara : keur naon maneh peuting kieu sorangan di dieu ?
Dhea : oh .. urang? Urang teu sorangan urang keur nungguan si Dimas meuli minum (senyum)
Dian : ta bunga ti saha ? (nunjuk bunga)
Dhea : oh .. ieu, ieu ti si Dimas
Dian & Mutiara : Ciyeeee ….
Mutiara : kumaha hubungan maneh jeung si Dimas ? langgeng ?
Dhea : masih dong !


ujug-ujug dimas datang nyamperkeun maranéhanana tiluan

Dimas : eh … aya maneh di dieu ?
Mutiara : kabetulan tadi urang liwat dieu terus ningali si Dhea sorangan jadina urang nyamperkeun si Dhea, ehh … tauna si Dhea keur nungguan maneh.
Dimas : yaudah urang bareng wéh !
Dian : ahh … teu hatur nuhun pisan, urang bising ngaganggu maranéh duaan
Dimas : teu ogé da, bener teu Dhea ? (ngarangkul Dhea)
Dhea : enya teu kunanaon
Mutiara : heunteu ah haturnuhun, Dian hayu Urang mangkat !
Dian : hayu !

Mutiara jeung Dian mangkat ninggalkeun Dhea jeung Dimas

Dimas : tadi maranéhanana ngomong naon jeung kamu ?
Dhea : teu ngomong nanaon, manéhna ngan nanyakeun keur naon kuring sorangan di dieu?
Dimas : yakkin éta doang?
Dhea : ciyus deh!
Dimas : miapah?
Dhea : ih nyebelin pisan !

keur asik-asikna heureuy , ujug-ujug ti tukang aya anu nakol dimas

Dimas : aww … !!
Dhea : saha maraneh ?
Dhea & Dimas : maraneh ?
Dimas : arek naon maraneh ?
Mutiara : urang ? arek naon ? jigana maraneh teu perlu nyaho !
Dian : anu perlu maraneh tau nyaeta urang kadieu arek “BALAS DENDAM” !
Dhea : naon “BALAS DENDAM” ? emangna urang salah naon ka maraneh ?
Mutiara : salah  naon ? jelas maraneh salah !
Dimas : sebutkeun naon kasalahan urang ?
Dian : maneh pura-pura bego ? atawa bego beneran ?
Mutiara : meureun manehna pura-pura bego kali !
Dian : heh, maranéh poho 2 tahun yang lalu?
Dimas : naon ? 2 tahun yang lalu ?
Dian : (senyum licik) maneh Tanya naon ? (nyekel kerah baju Dimas)
Dhea : ulah sakitin Dimas ! (teriak)
Mutiara :cicing! (ngabentak)
Dian : naon ? maneh Tanya naon ? (narik napas)
Maneh poho 2 tahun yang lalu ? 2 tahun yang lalu maneh geus nabrak salah sahiji sahabat urang sampe paeh ! terus maneh teu tanggung jawab sama sakali ! (narik kerah baju) apa maneh inget ?
Dimas :etakan 2 tahun yang lalu, kunaon maneh masih keneh inget-inget deui ? maneh hayng duit sabaraha ti urng ? pliss … tong laporkeun urang ka polisi !
Dian : jelas urang masih keneh ingetlah, karna eta sahabat urang! Arek 2 tahun lalu atawa 3 tahun lalu urang teu perduli baraha tahun lilana sahabat urang paeh! Dan  urang teu butuh duit maneh ! NGERTI !
Dhea : Dian !(ngabentak) urang mohon tong sakitin Dimas, Dimas teu salah nanaon. Urang nu salah, urang anu nitah Dimas kabur ! pliss … urang mohon !
Mutiara : cicing ! (ngabentak)
Dian : (senyum) tarnyata maneh selama ieu biang kerokna ?
Mutiara : nyawa bayar deui jeung nyawa! NGERTI MANEH !(ngabentak)
Dhea : jadi maraneh duaan nu slama ieu ngabunuh babaturan urang ?
Dian : karak sadar maneh ? kamana wae slama ieu maneh ? bobogohan wae sih maneh ?
Mutiara : piraku maneh teu nyaho sih ? apan sahabat maraneh aya nu geus nyaho kabusukan urang !
Dimas : saha ?
Mutiara  : piraku maneh teu ngarti jeung “CLUE” anu urang bere ?
Dimas : “CLUE” ?
Dhea : maksud maneh Ayu ?
Mutiara : heeh, kunaon ? reuwas ? dian dari pada loba omong mendingan langsung weh !
Dimas : ayeuna maneh hayang naon ?
Dian : urang ? hayang naon ?(senyum) “NYAWA BAYAR NYAWA” (membunuh)
Dhea : DIMAAASSS !!!!! (nangis) entong entong pliss … urang mohon entong urang !
Mutiara : CICING ! (ngabentak)
Dian : lepaskeun manehna mut!
Mutiara : tapi ?
Dian : LEPASKEUN ! (ngabentak)
Dhea : urang mohon entong urang! Pliss … yan …. Urang mohon entong urang! Pliss … entong urang!
Dian : Dhea, denge urang “NYAWA YA DIBAYAR NYAWA”  (membunuh)
Dhea : aaaa ….. !!!!!
(Mutiara jeung Dian senyum licik)
Dian : hayu buru urang mangkat sabelum urang kanyahoan !
Mutiara : hayu !

Mutiara jeung Dian mangkat ninggalkeun mayitna Dimas jeung Dhea, Dhea jeung Dimas pun maot secara tragis. Saperti babaturannana, dan akhirna “DENDAM” Mutiara jeung Dian pun terbalaskeun.


TAMAT


Tidak ada komentar:

Posting Komentar